The story with sundanese language (CARITA KURING PERSIB NU AING)

Indonesia merupakan negara dengan banyak suku dan bangsa, salah satunya adalah suku Sunda dengan bahasa Sunda tentunya. Sebagai anak keturunan Sunda sudah tentu dia harus bisa menggunakan bahasa daerahnya. Oleh karena itu ini adalah salah satu cerita yang memakai bahasa sunda sebagai bahasa cerita. Sebagai bentuk kebanggaan terhadap bahasa daerah ^_^



Teuing ku naon, baheula kuring teh teu reusep kanu ngarana olahraga. Rek mengbal, rek poli, rek badminton atawa naon bae olah raga, asa tara kabita. Sanajan kuring ge apal yen olahraga teh penting pisan komo deuih mun hayang awak seger jeung harampang. Tapi da kumaha atuh ari teu resep mah.

Ngan disebut geuleuh oge henteu deuih harita teh. Biasa we, teu geuleuh teu deudeuh. Nu matak keur sakola di SD mah peunteun olahraga mah tara jauh ti genep. Eta ge geus loga merena jigana mah. Paling banter peunteun tujuh. Teorina we eta teh, da praktekna mah ngan ukur bisa jogging jeung senam. Teu ngarti kuring ge. Padahal mah pun bapa mah karesepna teh mengbal jeung badminton. Eta nu teu nurun ka kuring teh.

Mun kabeneran batur rame tur paciweuh lalajo Piala Dunya, enya mengbal, kuring mah tara ngahajakeun lalajo. Dina lalajona ge loba teu nyaho ngaran-ngaran pamaenna. Sakapeung sok sok aneh nempo batur mah nepi ka ditalar tah ngaran-ngaran pamaen teh. Kuring mah nu apal teh ngan Ronaldo. Ka dieunakeun weh nyaho Ronaldo. Eta oge pedah we gampang, kaciri tina buuk nu nyongclo di hareupna saeutik, huntuna we rada ka hareup.

Tapi sanajan kitu, tetela rasa nasionalisme kuring teh jigana gede oge. Mun Indonesia (PSSI) maen mah, sok aya kereteg hayang lalajo, bari jeung ukur tina tipi oge. Atawa lalajo piala Thomas, All England (badminton), eta mah sok maksakeun.

Tah eta the mimiti kuring resep kana olahraga, hasilna mah, kuring jadi resep kana olahraga. Ti saprak ti poe eta taun 2002 kuring miluan hiji klub mengbal di sakitar imah kuring. 

Kuring oge jadi mika resep klub asal kota Bandung. Persib. Mimiti nyaho teh keur jaman make pamaen luar negri, Ikene Ikenwa, mun teu salah mah. Persib mah musuh kabuyutanana teh jeung Persija.
Jigana keur kuring mah, lalajo mengbal teh gede pakaitna jeung rasa kadaerahan atawa nasionalisme. Mun nu maenna Persib atawa PSSI kakara sok hayang lalajo. Hayang milu surak mun pamaen urang ngasupkeun. Pipilueun keuheul mun pamaen urang dicurangan batur atawa dilicikan ku wasit. Ari nu maenna deungeun-deungeun mah, jiga nu lalajo mengbal Jerman jeung Brazil upamana, naha bet urang nu kudu pipilueun pasea? Wawuh ge henteu. Euweuh gawe! Nu meunang piala lain nagara urang, naha di nagara urang nu kajadian pa hina-hina?
Kuring ngarasa aneh, naha pamaen ti negri deungeun bisa maen di nagara urang tur kacida deuih gajihna tilu nepi ka lima kali lipet pamaen negri sorangan? Cenah mah ngarah pamaen negri urang bisa ngala elmu ti pamaen deungeun. Pokona teorina teh kitu. Teuing tah praktekna. Naha enya gara-gara eta jadi leuwih alus atawa angger bae, tong nanya ka kuring urusan nu kitu mah. Sidik teu ngarti..

Ngan kadang-kadang sok hayang di hate kuring ningali Persib 100% pamaena urang sunda kabeh, cenah baheula oge pamaen Persib urang sunda kabeh bisa jadi juara. Ari ayeuna, pamaenna teh rupa-rupa pisan, ti mimiti nu hideung camani, nu coklat, nu rada wiang-wiang, nepi ka nu bodas pisan. Kabeh aya. Ti mimiti produk local, nepi ka luar negeri aya. Memang teu nanaon eta ge, tapi da mening kabeh urang sunda, keur mah ningalikeun kakuatan daerah sunda oge gajihna moal mahal teuing.

Tapi ah keun bae ketang. Nu penting mah Persib hirup keneh, jeung tong elehan bae, najan alamna geus beda ge. Jeung da teu anti pamaen asing kuring ge. Buktina basa jaman Persib Maung Bandung aya, Kuring ngalaman dipoto bareng. Hanyakal, harita ku kuring di simpen dina computer, naha da eta mah ka virusan! 

Basa Persib maen ngalawan Pelita Tangerang, kuring oge lalajo, najan ukur dina tipi. Kayungyun ku Barkouwi, palebah ngasupkeun kana gul lawan, henteu terus lumpat bari ngacungkeun dua ramo, sakumaha ilaharna. Ieu mah kalahkah jaipongan! Heh..heh..sae..sae eta teh Jang. Komo mun sakalian bari ngahaleuang lagu Sunda mah, tangtu matak leuwih kayungyun. Matakna, engke mah diajar basa Sunda geura, Jang Owi. Pan engkena bisa jiga Robby Darwis, ngagorowok, "Halik ku aing!!"

1 comments:

  1. Tsan ikut promosi dong...
    http://www.ecraft.net.tc
    http://www.ehouse.shop.tc
    http://www.kpk.edu.tc
    http://www.brainbooster.edu.tc

    BalasHapus

Silahkan berikan Saran dan Kritiknya, untuk kemajuan blog dan kenyamanan bersama.